Hubungan Kolot Jeung Anak

0
19

Ku : Hérmana, S.Pd.I.

journalbroadcast.co -||- Hubungan kolot jeung anak kacida kuatna. Hubungan anu moal kasisilihan ku hubungan naon wae anu aya di alam dunya. Babaturan jeung pasangan hirup bisa wae gunta-ganti, tapi hubungan kolot jeung anak moal aya gantina tepikeun ka iraha wae oge. Sanajan sakapeung sok matak heran, anu jadi anak sok leuwih mentingkeun babaturan atawa jalma anu dipikaresepna, batan merhatikeun anu jadi kolotna. Nu sok padahal aya nanaon mah angger ngumaha ka anu jadi kolot, moal ka anu sejen ieuh. Nu salila ieu gede kanyaah mah jelas anu jadi kolot. Antekna babaturan jeung kabogoh mah aya ngadeukeutan teh dimana aya pangabutuh. Euweuh pangabutuh mah teu nanya-nanya acan. Can tangtu miduli kana kasusah hirup urang. Jauh tangeh jeung anu jadi kolot. Salawasna anak didu’akeun jeung diperhatikeun ku anu jadi kolot.

Hubungan anak jeung kolot sakuduna tetep hade dimana wae jeung iraha wae. Teu pedah anu jadi anak keur pajauh jeung indung bapana. Teu pedah anu jadi anak boga pangkat jeung jabatan anu matak dipikaserab ku masarakat. Teu pedah anu jadi anak beurat beunghar ku harta banda. Ulah tepikeun ka anu jadi anak bangkal warah caran Boncel jeung Malin Kundang. Anak jeung kolot sakapeung sok pagetreng, ti mimiti hal anu sapele tepikeun ka hal anu badag. Beuki harengheng dimana aya anu jadi pucuk ti girang jeung ngiruhan kaayaan nyatana pasangan hirup, salaki atawa pamajikan, minantu kolot urang. Da gening teu kabeh minantu hade jeung mitohana. Tungtungna sok matak bingung pikeun urang anu jadi anak. Ka dieu, kolot, ka ditu salaki atawa pamajikan. Teu bisa mihak kaduanana dimana aya padungdengan. Remen kabejakeun anu jadi anak nu tadina sakitu bageurna jadi teu miduli ka kolotna. Dipangaruhan ku pasangan hirupna. Nepikeun ka hayang panggih jeung kolotna sorangan ge tampolanna sok hararese. Ninggang ka kolot anu teu boga deui anak, ngan hiji-hijina. Estu matak leungiteun pisan. Euweuh deui arep-arepeun pikeun ngedalkeun uneg-uneg hate jeung taya batur pakumaha. Beda mun boga anak leuwih ti saurang. Lian ti jadi joledar, aya pamolah minantu nu sok matak ngajadikeun anak mikaceuceub kolotna.

Ngeunaan parentah ngahormat ka indung jeung bapa, Alloh ngadawuh dina Surat Al Isro ayat 23-24, anu pihartoseunna :

“Jeung Pangeran maneh geus nimbalan supaya maraneh ulah nyembah anging ka Anjeunna, sarta supaya maraneh hade laku-lampah ka indung-bapa. Upama salahsaurang ti antara indung-bapa maneh atawa duanana geus pikun, poma pisan maneh ulah ngucapkeun “ah” jeung poma maneh ulah sentak-senghor ka maranehna, jeung pok geura nyarita ka maranehna ku pok-pokan anu hormat. Jeung maraneh sing handap asor ka maranehna duaanana sarta rengkuh kalayan pinuh ku kaasih, sarta pek geura ngado’akeun: “Nun Gusti Pangeran abdi! Mugi Gusti maparin rahmat ka pun biang miwah ka pun bapa, sapertos aranjeunna ngariksa ka abdi nalika abdi alit keneh.”

Kolot pastina hayang anu panghadena pikeun anu jadi anak-anakna. Mangka, kolot di imah ngabogaan sajumlah aturan, mana anu kudu dilakukeun ku anakna jeung anu ulah dipilampah ku anakna. Anu mangrupa parentah, kudu dilaksanakeun, jeung anu mangrupa larangan kudu dijauhan. Lebih dieu sok timbul pabentar paham. Kaharti kituna mah, kolot jeung anak beda kasang tukangna. Pajamanan kolot jeung pajaman anakna jauh kayaanna. Misalna kolotna mangsa ngorana dina jaman samemeh aya online, beda jeung ayeuna anu meh sagala rupa online. Ngatik anak jaman ayeuna moal bisa disasaruakeun jeung jaman baheula. Tantanganna oge kapan geus sakitu robahna. Barudak kiwari dihenteu-henteu oge loba anu jauh leuwih pinter batan kolot-kolotna. Rea kolot anu menta dipapatahan ka anakna patali jeung urusan teknologi. Emh, teungteuingeun sok aya budak anu nalika mapatahan kolotna bari sesentak. Komo kolotna anu belet dina maham iptek.

Tong boro jeung anu saagama, dalah jeung kolot anu teu saagama oge tetep kudu ngahargaan jeung ngahormat. Sabenerna dicaram umat Islam boga salaki atawa pamajikan ka anu beda agama. Beh dieuna bakal mawa pangaruh kana urusan agama nu jadi anakna. Di dunya bisa babarengan, di aherat sejen carita. Alusna, lamun boga kolot beda agama dibere nyaho ngeunaa agama Islam. Supaya kolot meunang hidayah. Bari tetep ngajaga lisan jeung paripolah, milampah nu disebut toleransi atawa tasamuh. Alloh ngadawuh dina Surat Lukman ayat 15 anu hartosna :

“Jeung upama maranehna duanana maksa mirusa maneh supaya nyarekatkeun ka Kami naon-naon anu maneh henteu boga pangaweruh perkara eta, nya maneh ulah pisan to’at ka maranehna, tapi geura campur gaul jeung maranehna dina urusan dunya kalawan cara anu hade, jeung geura turut jalanna jalma anu mulang ka Kami, tuluy nya ka Kami geusan mulang maraneh. Tuluy Kami bakal ngawawarkeun ka maraneh (wawales pikeun) saniskara anu ku maraneh geus dilampahkeun.”

Salila ieu nu jadi anak kudu ngahargaan ka kolot, kudu ngajaga perasaan, atuh dimana aya kasalahan kudu gancang menta hampura ka anu jadi kolot. Dosa ka anu jadi kolot tea wawalesna sok ditembongkeun di dunya keneh. Sabalikna, kolot oge kudu ngajaga lisan jeung perilaku ka anu jadi anak. Dimana nyieun kasalahan, kudu buru-buru menta hampura, ulah gengsi. Eureun kabiasaan ngabanding-bandingkeun anak sorangan jeung kaleuwih anak-anak batur. Saban anak ngabogaan kaleuwih jeung kakurang masing-masing. Sakumaha kolot, ngaboga plus jeung minusna dibandingkeun jeung kolot-kolot sejen. Rek kumaha hadena hubungan kolot jeung anak, mun kolotna haben ngedalkeun lisan jeung ngebrehkeun kateusugema alatan anakna can bisa ngabungahkeun ka anu jadi kolotna. Sok komo dijadikeun bahan carita nalika gunem catur jeung batur. Kapiresepeun ku anakna matak nyeri hate jeung bisa-bisa ngajauhan kolotna. Ari geus ngajauhan kolot, terus rek saha isukan mun kolot gering jeung geus bener-bener kolot nu rek ngurus. Tong boro dibundang-banding jeung anak batur, dalah dibanding-banding jeung anak sejenna nyatana lanceukna atawa adina oge, sabisa-bisa ulah. Matak teu akur antara dulur.

Nalika laleutik keneh mah di imah teh baralatak jeung garandeng ku barudak. Komo dimana budakna loba jeung narundungan tur rarungsing. Geus sawawa mah narungtutan hirup mandiri. Baroga imah sewang-sewangan, boga salaki/pamajikan, boga pagawean, jeung boga kahirupan masing-masing. Ti mimiti anu imahna masih salembur tepikeun ka anu jauh ti kolot. Kolotna di imah pajauh jeung anak-anakna. Tiiseun. Karek rame dimana lebaran, ngumpul anak jeung incu. Mimiti marulang tarima ka kolotna. Nu keur leutik mah sagala pepentaan bari sok kudu pok torolong. Encan anu parebut jeung dulur, boh duit, barang, pakean atawa dahareun. Nu jadi anak sakumaha sibukna ku pagawean, sempetkeun waktu komunikasi jeung nepungan ka anu jadi kolot. Bari barangbere sakampuhan, samemeh kolot menta nu jadi anak kudu geus ngarti leuwih ti heula. Kolot masih aya mah hayu maksimalkeun nyugemakeun aranjeunna. Ulah nyebut ripuh atawa teu kaboro. Komo lamun kolot keur aya dina kaayan gering. Teu pedah aya anu ngawulaan nyaeta badega atawa pembantu.

Hubungan anu jadi kolot jeung anak sabisa-bisa kudu aya dina kaayaan anu harmonis.

LEAVE A REPLY

Please enter your comment!
Please enter your name here