• JOURNAL REGIONAL
  • JOURNAL PARLEMEN
  • JOURNAL PEMERINTAHAN
  • JOURNAL EKBIS
  • JOURNAL TNI/POLRI
  • JOURNAL PERISTIWA
  • JOURNAL RAGAM
    • JOURNAL PENDIDIKAN
    • JOURNAL INFOTAINMENT
    • JOURNAL KESEHATAN
    • JOURNAL OLAHRAGA
  • JOURNAL REGIONAL
  • JOURNAL PARLEMEN
  • JOURNAL PEMERINTAHAN
  • JOURNAL EKBIS
  • JOURNAL TNI/POLRI
  • JOURNAL PERISTIWA
  • JOURNAL RAGAM
    • JOURNAL PENDIDIKAN
    • JOURNAL INFOTAINMENT
    • JOURNAL KESEHATAN
    • JOURNAL OLAHRAGA
No Result
View All Result
  • JOURNAL REGIONAL
  • JOURNAL PARLEMEN
  • JOURNAL PEMERINTAHAN
  • JOURNAL EKBIS
  • JOURNAL TNI/POLRI
  • JOURNAL PERISTIWA
  • JOURNAL RAGAM
    • JOURNAL PENDIDIKAN
    • JOURNAL INFOTAINMENT
    • JOURNAL KESEHATAN
    • JOURNAL OLAHRAGA
No Result
View All Result
No Result
View All Result
Home JOURNAL OPINI

Mahasiswa jeung Dosen UIN Sunan Gunung Djati Bandung Tandang ka Jawa Tengah, Pikeun Ngaguar Sajarah Candi Arjuna Anu Aya di Banjarnegara.

Admin 002 by Admin 002
10 Juni 2023
in JOURNAL OPINI, JOURNAL PENDIDIKAN
0
Mahasiswa jeung Dosen UIN Sunan Gunung Djati Bandung Tandang ka Jawa Tengah, Pikeun Ngaguar Sajarah Candi Arjuna Anu Aya di Banjarnegara.
Share on FacebookShare on Twitter

Journalbroadcast.co -||- Salaku akademisi di bidang kasejarahan, jurusan Sejarah Peradaban Islam UIN Sunan Gunung Djati Bandung ngayakeun penelitian ka candi-candi nu aya di daerah Jawa Tengah, nyaeta Kompleks Candi Arjuna. Penelitian eta dibarengan ku Kepala Jurusan Sejarah Peradaban Islam UIN Sunan Gunung Djati Bandung, nyaeta Dr. Samsudin, M.Ag.. Penelitian ieu maksudna jang ngabahas naon wae unsur unsur anu aya di Kompleks Candi Arjuna.

Di Kompleks Candi Arjuna nyaeta titinggalan agama Hindu. Aya sababaraha candi anu ngadeg di Kompleks Candi Arjuna, nyaeta Candi Arjuna, Candi Semar, Candi Srikandi, Candi Puntadewa, jeung Candi Sembadra. Kompleks Candi Arjuna ayana di daerah Banjarnegara, Jawa Tengah nu aya disabudeureun pagunungan anu jangkungna 2000 meter di luhureun laut. Kompleks Candi Arjuna dilingkung ku sababaraha gunung, siga Gunung Prau, Gunung Seroja, jeung Gunung Bima.

BacaJuga

Kertajati Mengeliat, Peluang bagi Investor

Kertajati Mengeliat, Peluang bagi Investor

30 Juni 2022
0
Pengunjung Bisa Langsung Wisuda, Dua Profesor FSRD ITB ‘Jual Ijazah Palsu’ di Pasar Seni ITB

Pengunjung Bisa Langsung Wisuda, Dua Profesor FSRD ITB ‘Jual Ijazah Palsu’ di Pasar Seni ITB

20 Oktober 2025
0
BAN-S/M Provinsi Jawa Barat Makin Melaju

BAN-S/M Provinsi Jawa Barat Makin Melaju

4 Desember 2023
0
Kertajati dan Cisumdawu untuk Ciayumajakuning?

Kertajati dan Cisumdawu untuk Ciayumajakuning?

26 Oktober 2022
0

Susunan Kompleks Candi Arjuna dimimtian ti belah kaler, nyaeta Candi Arjuna. Di lawang tangga Candi Arjuna aya arca Makara anu ngalambangkeun alam handap. Di lawang panto Candi Arjuna aya arca Kala Tirkimuka nyaeta anak Dewa Siwa nu beuki ngadahar Jelema nu carehamna khas candi-candi di Jawa Tengah. Di unggal juru candi aya Jaladwara nu gunana jang jalan cai. Dijerona aya Yoni nu ngalambangkeun feminis atawa kaawewean, tapi Linggana nu ngalambangkeun maskulin atawa kalalakian nu ayeuna geus leungit. Suhunanna ngabentuk Wimana nyaeta nyungcung ka luhur.

Pahareup-hareup jeung Candi Arjuna, aya Candi Semar anu rupana beda pisan jeung Candi-candi nu aya di Kompleks Candi Arjuna. Candi Semar ngabogaan 9 liang hawa. Candi Semar bentukna rubak, tapi suhunanana geus leungit. Sesana sarua jeung Candi Arjuna, boga Makara jeung Kala Tirkimuka. Candi Semar diperkirakeun jang tempat ngariung saencan ngalaksanakeun Ibadah. Candi Semar disebut Pandipa, terus ngaran Pandipa robah nepi ka kiwari jadi Pandapa/Pendopo.

Sabeulah kenca Candi Arjuna aya Candi Srikandi nu jangkungna leuwih luhur pondamenna tinimang Candi nulain, siganamah meh teu kabanjiran. Suhunan Candi Srikandi geus leungit. Di palebah katuhu Candi Srikandi aya relief Dewa Wisnu, di tukang Dewa Brahma, di kenca Dewa Siwa. Ieu nu nyieun Kompleks Candi Arjuna beda jeung Candi nu sejen, biasana 3 Dewa utama Agama Hindu atawa Trimurti ditempatkeun di candi anu beda-beda, teu jiga di Candi Srikandi anu dihijikeun dina hiji candi.

Di gigireun Candi Srikandi aya Candi Pundatewa, Pundatewa nyaeta ngaran lain ti Yudistira atawa Samiaji. Candi Pundatewa nyaeta Candi anu jangkungna ngaleuwihan candi-candi lain di Kompleks Candi Arjuna, pondamenna ge leuwih jangkung. Tangga di Candi Puntadewa ge aya dua umpak. Candi Puntadewa dikuriling ku Pewara atawa candi leutik di hareup jeung tukangna, tapi tinggal sesana hungkul.

Di pangkidulna Kompleks Candi Arjuna nyaeta Candi Sembadra. Lawangna aya Kala Tirkimuka jeung Makara nu saling nonggongan. Candi Sembadra bentukna rada beda, Candi Sembadra boga 8 juru. Dijero Candi Sembadra aya Yoni nu ngalambangkeun feminis atawa kaawewean, tapi Linggana nu ngalambangkeun maskulin atawa kalalakian nu ayeuna oge geus leungit.

Mun ditingali dina bentuk unggal candi di Kompleks Candi Arjuna anu beda-beda, diperkirakeun nyieunna ge teu babarengan. Di deukeut Candi Arjuna aya prasasti anu nuliskeun tahun 809 Masehi, nu nyebutkeun Gunung Dieng atawa Di Hyang mangrupakeun pusat kaagamaan di jaman baheula.

Penulis, Teddiansyah Nata Negara

Previous Post

Mau Tahu Pembangunan Teras Cihampelas Tahap 2 Berjalan, ini dia

Next Post

DPRD Kota Bandung Semangati Peserta Pelatihan Pastry dan Katering

Admin 002

Admin 002

Related Posts

Prof. Diana Sari Resmi Jadi Rektor USB YPKP, Targetkan “Sangga Buana Great Again”
JOURNAL PENDIDIKAN

Prof. Diana Sari Resmi Jadi Rektor USB YPKP, Targetkan “Sangga Buana Great Again”

12 September 2026
0
Abu Vulkanik Anak Gunung Krakatau Capai Bandung, Disdik Wajibkan Masker di Sekolah
JOURNAL PEMERINTAHAN

Abu Vulkanik Anak Gunung Krakatau Capai Bandung, Disdik Wajibkan Masker di Sekolah

7 September 2026
0
14  Mahasiswa USB Mengikuti Tiga Program Internasional Bergengsi
JOURNAL PENDIDIKAN

14 Mahasiswa USB Mengikuti Tiga Program Internasional Bergengsi

3 September 2026
0
Pemkot Bandung Pindahkan Sementara Siswa SDN 026 ke SDN 148
JOURNAL PEMERINTAHAN

Pemkot Bandung Pindahkan Sementara Siswa SDN 026 ke SDN 148

29 Agustus 2026
0
BRI BO Sukabumi Gelar BRI Goes to School, Dorong Pelajar Cerdas Kelola Keuangan
JOURNAL EKBIS

BRI BO Sukabumi Gelar BRI Goes to School, Dorong Pelajar Cerdas Kelola Keuangan

26 Agustus 2026
0
20 Tahun USB YPKP Bandung: Dari Akademi Bank hingga Universitas Berpredikat Unggul
JOURNAL PENDIDIKAN

20 Tahun USB YPKP Bandung: Dari Akademi Bank hingga Universitas Berpredikat Unggul

26 Agustus 2026
0
Regenerasi Kepemimpinan, BEM FH UNPAS Resmi Gelar Serah Terima Jabatan
JOURNAL PENDIDIKAN

Regenerasi Kepemimpinan, BEM FH UNPAS Resmi Gelar Serah Terima Jabatan

21 Juli 2026
0
Wakil Wali Kota Bandung Tutup MPLS SMAN 28, Dorong Siswa Siap Hadapi Era AI
JOURNAL PEMERINTAHAN

Wakil Wali Kota Bandung Tutup MPLS SMAN 28, Dorong Siswa Siap Hadapi Era AI

21 Juli 2026
0
BRI Peduli “Ini Sekolahku” Hadir di Bandung, Bangun Karakter dan Literasi Keuangan Siswa SD
JOURNAL EKBIS

BRI Peduli “Ini Sekolahku” Hadir di Bandung, Bangun Karakter dan Literasi Keuangan Siswa SD

17 Juli 2026
0
Next Post
DPRD Kota Bandung Semangati Peserta Pelatihan Pastry dan Katering

DPRD Kota Bandung Semangati Peserta Pelatihan Pastry dan Katering

Rehabilitasi Jaringan Irigasi, Poktan Mekar Tani Desa Cibunar Realisasikan

Rehabilitasi Jaringan Irigasi, Poktan Mekar Tani Desa Cibunar Realisasikan

DPRD Acungi Jempol Upaya Penanganan Sampah di Kota Bandung

DPRD Acungi Jempol Upaya Penanganan Sampah di Kota Bandung

Tinggalkan Balasan Batalkan balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Seedbacklink
Journalbroadcast.co

© 2024 Journalbroadcast.co

The best sites to buy Instagram followers in 2024 are easily Smmsav.com and Followersav.com. Betcasinoscript.com is Best sites Buy certified Online Casino Script. buy instagram followers buy instagram followers Online Casino

Navigate Site

  • Email
  • Redaksi
  • Iklan
  • Pedoman Media Siber

Follow Us

No Result
View All Result
  • JOURNAL REGIONAL
  • JOURNAL PARLEMEN
  • JOURNAL PEMERINTAHAN
  • JOURNAL EKBIS
  • JOURNAL TNI/POLRI
  • JOURNAL PERISTIWA
  • JOURNAL RAGAM
    • JOURNAL PENDIDIKAN
    • JOURNAL INFOTAINMENT
    • JOURNAL KESEHATAN
    • JOURNAL OLAHRAGA

© 2024 Journalbroadcast.co