TASIKMALAYA, journalbroadcast.co — Para pimpinan ponpes, para ketua MUI, para ajengan/sesepuh agama kungsi kempel sa-Kecamatan di acara Forum Para Ajengan.
Eusina: Ngobrolkeun kahariwang. Lalakon ngeunaan akhlak barudak danget ieu mani pikahariwangeun.
Anak SD/MI tos seueur anu lalawora dina sholat/ibadah, alim ngaos + sakola agama. Kantenan usia SMP+SMA mah, nuju jum’atan heureuy, sisirig, ngalobrol, bahkan aya nu ngarokok. Barudak baladeurna luar biasa… sholat teu disiplin luak-lieuk, bahkan silih ganggu, di masjid heureuy wae, bahasa jinggong tos kabiasaan, kalasar, ngaji teu puguh hanca, ngaji ngacak sakahayang, hayang tereh jeung keselan… jeung banyak cerita di eta gempungan.
Remaja jeung pamuda… para senior beuki palarna… mere pangaruh ka sahandapeuna.
Kasieun ieu oge beuki nambah nalika aya kebijakan Sabtu libur… aya kasuistik barudak beuki mancawura… beuki maceuh kana HP, sakola agama ge milu libur… karena cenah pan poe LIBUR… (kitu ceuk versi sababaraha hadirin)
Lalakon hadirin hampir sami kasuistikna… para guru ngaos + diniyah kirang perhatosan tina kasejahteraan ti ORTU terkait.
Orang tua ngan saalit anu serius sumping ka bumi ajengan… NITIPKEUN… MENTINGKEUN BERAKHLAK MULIA… kaabus rek kaluar ti grup diniyah + pangaosan ge… teu aya basa… teu aya carita…
Karunya kana nasib para guru ngaji dan guru sakola diniyah… kalebet guru sukwan SD/MI anu can menang gaji layak ti pamarentah… cape sagala rupina…
PANTES BARUDAK BALADEUR… DA ELMUNA TEU BAROKAH… kitu saur keterangan Kitab Akhlakulilbanin, Kitab Ta’lim dll.
Ngaji Diri
Abi jadi inget ka anak sorangan… capena mere didikan… padahal mah posisi aya di pondok… gering pikir mikiran kasieun… budak abi teu sholeh sholehah… teu mampu jadi ahli sholat berjamaah, teu bisa maca Qur’an, teu berakhlak baik, sieun ku narkoba, jadi perokok ge hayang mah ulah, teu bisa punten nalika ngaliwat, teu bisa lempang handap asor, teu bisa antri, teu bisa miceun runtah kana tempatna, teu sopan ka sasama…
Inget ka diri baheula… nalika kajadian ieu tumiba ka diri… ooh ieu teh akibat tina dosa nyalira… baheula rumasa badeur jeung teu hormat oge taat ka Ortu + guru… istighfaraneun…!!!
ULAH BORO NGADIDIK BATUR… LAMUN INGET KADINYA MAH… LAMUN LAIN INGET KANA KAIDAH WAJIB AMAR MA’RUF NAHI MUNKAR MAH… eraa pisan… budak sorangan ge acan bener…
Hayu urang aremutan ku manah anu ikhlas… tanpa aya kapentingan pribadi, golongan, partai, dan niat awon sanesna…
HAYU SARALAMETKEUN GENERASI URANG SADAYANA… SUPAYA ANAK URANG + ANAK BATUR GE SAMI TIASA SAROLEH SHOLEHAH, HORMAT TAAT KA GURU, BERAKHLAK BAIK TI BUBUDAK, CERDAS, PINTER, MANDIRI, HAMPANG BIRIT, GADUH SKILL MUMPUNI, BOGA KABISA ANU NGAHASILKEUN DUIT, BAROGA KASAB ANU HALAL THOYYIB…
Ieu curahan hate… Insya Allah ikhlas… ti baheula kuat semangat ngarojong kana pangajian jeung kagiatan pendidikan… Insya Allah niat murni BAKAT NYAAH ka Generasi…
Solusi Terbaik:
1. Balik kana ngaji diri jeung ngaji rasa, bahwa anu terjadi eta akibat tina dosa diri sorangan… ulah loba nganilai batur… komo nyalahkeun guru anak urang sorangan… kacida dosana eta teh…
2. Tulisan ieu estuning hiji pengakuan… bahwa anu salah lain budak abi… komo budak batur… tapi anu salah DIRI SORANGAN… sabab jauh tina TELADAN… jauh tina ucap tekad lampah anu bener… akibat tina dosa urang sorangan.
3. Urang budayakeun nitipkeun sing serius ka para guru sakola agama + guru ngaji + guru pondok + guru di sakola formal… supaya elmu anak urang BAROKAH…
4. Tingali kelebihan + kebaikan guru ngaji jeung guru sakola agama… silih doakeun jeung aranjeuna… supaya istiqomah sedayana… ngaji mah di mana wae bebas… tapi tata titi akhlak islam mah wajib diamalkeun. Sumping jeung mulih kedah wawartos sing sae…
5. ORANG TUA wajib terjun… tuturkeun + giringkeun + babarengan anak urang indit ka masjid + madrasah, sesekali tingalikeun keur diajar di diniyah + di pangaosana…
6. Istighfar, Sholawat, Shaum, ngadoa khusyu, loba shodakoh, apik mere dahareun inumeun, apik dina neangan kasab… menta ka Gusti supaya anak-anak urang sing SARUKSES DUNYA AKHERATNA…
7. Peran Bapa/suami paling gede nangtukeun sholeh + heunteuna istri, anak incu jeung anggota keluarga. Karena konsep Fathering teh eta aya dina sajarah para nabi jeung rosul. Bahwa tina 17 carita diskusi para nabi jeung keluargana, ternyata 14 dialog nyaritakeun diskusi BAPA jeung ANAK, lain Indung….!!!
Secara umum….Anak broken home, anak punk dkk., anak anu terjun kana pergaulan bebaaas….kabehana gen rata-rata karena eta anak JARANG BAHKAN HEUNTEU KASENTUH KULITNA AWAKNA kunu jadi bapana….rata-rata karena akibat perceraian, rumah tangga awet rajet, sibuk full di gawe jor joran, usaha kasabna kurang bahkan teu apik kana pengamalan sholat 5 waktu jeung halal haramna. ***


















